Sabtu, 28 November 2015

Sakadang Maung jeung Sakadang Bagong

Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong keur anakan. 


Eta bagong teh keur huleng jentul wae bangun ngemu kabingung. Pangna kitu lantaran poe eta manehna kudu nedunan jangji ka Sakadang Maung, nyaeta masrahkeun anakna. Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang Bagong ceurik. “Sing karunya bae ka kuring, Sakadang Maung! Kuring teh geus kolot, dagingna oge tangtu nya liat nya kelang. Kieu bae, engke lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka andika. Tangtu dagingna empuk tur pelem.” Ngadenge caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung teh teu tulus ngerekeb. Hiji waktu manehna rek datang deui, nagih jangji. Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna kudu nyumponan jangjina. Tapi piraku aing rek tega mikeun anak ka Sakadang Maung? Kumaha akalna sangkan anak aing teu tulus dihakan? Sakadang Bagong terus uleng mikir, neangan piakaleun. Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun. “Ku naon andika bet kawas nu keur bingung kacida, Sakadang Bagong?” Sakadang Peucang nanya. Gorolang Sakadang Bagong nyaritakeun ku naon pangna manehna baluweng poek pipikiran. Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: “Euh gampang atuh ari kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring bae. Urang neangan akal sangkan anak Ki Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring rek neangan Sakadang Landak!” Sakadang Peucang ngaleos. Teu lila oge geus ngurunyung deui dibarengan ku Sakadang Landak. Manehna terus ngajak indit ka hiji guha. Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang Landak kudu asup ka jero guha, ngaringkuk di nu rada poek. Buluna anu kawas cucuk teh kudu dipuridingkeun. Sakadang Bagong kudu cicing di lawang guha, ngabageakeun Sakadang Maung lamun engke ngurunyung. Ari manehna kadua anak Sakadang Bagong rek nyarumput di nu buni. Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti kajauhan oge geus ngagerem, nyingsieunan Sakadang Bagong. “Mana anak sampean teh, Sakadang Bagong?” cek Sakadang Maung bari jungang-jengong. Sakadang Bagong antare nembalan: “Tuh, di jero guha. Tah geuning katenjo ti dieu oge, ngaringkuk di juru. Pek ayeuna kuring masrahkeun, nedunan jangji ka andika. Didaharna ulah dilila-lila, teureuy bae sakaligus, sing ulah kadenge ceurikna. Jig geura sampeurkeun, kuring rek indit heula, teu kaduga nenjona.” Sakadang Maung nenjo rarat-reret ka jero guha. Enya bae katenjoeun aya nu ngaringkuk di juru. Awahing ku atoh bari teu kuat hayang geura ngerekeb, gabrug bae nu ngaringkuk teh dirontok, disamualkeun. Puguh bae cucuk landak teh rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung gegerungan, sungutna baloboran getih. Diutah-utah oge landak teh teu daekeun kaluar, da cucukna naranceb pageuh pisan. Antukna Sakadang Maung teh paeh. Sakadang Landak ngurumuy kaluar tina sungutna. Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manehna nganuhunkeun pisan ka Sakadang Peucang anu geus mere pitulung ka dirina. Kitu deui ku Sakadang Landak oge manehna kahutangan budi. Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui ninggalkeun Sakadang Bagong.

Sakadang kuya jeung monyet

Isuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya éta Sakadang Monyét.
“Sakadang Kuya!” Sakadang Monyét ngageroan.
“Kuk!” Témbal Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
Sakadang Monyét nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Keur naon Sakadang Kuya?”
“Ah keur kieu wé, keur moyan.”
“Ti batan cicing kitu mah mending ngala cabé, yu!”
“Di mana?”
“Di kebon Patani, mangka cabéna geus bareureum.”
“Embung, ah. Sakadang monyét mah sok gandéng.”
“Moal, moal gandéng ayeuna mah.”
“Nyaan moal gandéng?”
“Moal, nyaan moal gandéng.”
“Hayu atuh ari moal gandéng mah.”
Bring atuh Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya téh indit ka kebon patani. Barang tepi ka kebon, katémbong cabé pelak patani geus arasak mani bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon. Sakadang Kuya moncor kana pager, ari Sakadang Monyét ngaluncatan pager. Terus baé ngaralaan cabé, didalahar di dinya kénéh.
Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah baé ladaeun. Kitu deui sakadang monyét. Keur kitu, ana gorowok téh Sakadang Monyét ngagorowok.
“Seuhah lata-lata!” Maksudna mah “seuhah lada-lada”.
“Ssst, Sakadang Monyét, ulah gandéng atuh!”
Sakadang Monyét henteu ngawaro.
“Seuhah lata-lata!”
“Sakadang Monyét! Bisi kadéngéeun ku Bapa Tani.”
Tapi Sakadang Monyét api-api teu ngadéngé. Gorowok deui baé.
“Seuhah lata-lata!”
Kahariwang Sakadang Kuya kabuktian. Sora Sakadang Monyét anu tarik kadéngéeun ku Bapa Tani ti imahna, anu teu jauh ti kebonna. Bapa Tani gura-giru lumpat ka kebon. Barang nepi ka kebon, katémbong aya monyét jeung kuya keur ngaweswes bari seuhah ngadaharan cabé.
“Beunang siah nu sok malingan cabé téh!” Bapa Tani ngagorowok bari lumpat muru ka nu keur ngahakanan cabé.
Ngadéngé aya nu ngagebah, gajleng baé Sakadang Monyét ngejat, térékél kana tangkal kai.
“Sakadang Monyét, dagoan!” Sakadang Kuya ngagorowok ménta tulung. Tapi Sakadang Monyét teu maliré, teu ngalieuk-ngalieuk acan, terus lumpat gagalacangan dina tangkal kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da teu bisa lumpat, leumpang ngadédod baé. Kerewek baé ditéwak ku Bapa Tani.
“Beunang ayeuna mah nu sok malingan cabé aing téh. Ku aing dipeuncit!” Ceuk Bapa Tani.
Kuya dibawa ka imahna, tuluy dikurungan ku kurung hayam. Angkanan Pa Tani, isukan kuya rék dipeuncit.
Peutingna, sakadang Monyét rerencepan ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu keur cendekul dina jero kurung.
“Ssst, Sakadang Kuya, keur naon?” Sakadang Monyét nanya.
“Éh, geuning Sakadang Monyét, Puguh kuring téh keur ngararasakeun kabungah.”
“Kabungah naon Sakadang Kuya?”
“Nya éta, kuring téh rék dikawinkeun ka anak Bapa Tani.”
“Dikawinkeun ka anak Bapa Tani?”
“Enya.”
”Nu bener Sakadang Kuya?”
“Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.”
“Ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyét ngahuleng sajongjongan.
“Kieu, Sakadang Kuya, kumaha lamun urang tukeur tempat?” ceuk Sakadang Monyét.
“Tukeur tempat kumaha?”
“Enya tukeur tempat. Sakadang kuya kaluar, kajeun kuring atuh cicing di jero kurung.”
“Ah, embung.”
“Kuring mah karunya wé ka Sakadang Kuya, sapeupeuting dikurungan.”
“Atuh meureun moal jadi dikawinkeun ka anak Bapa Tani téh.”
Sakadang monyet keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna sakadang kuya téh éléh déét.
“Heug baé tukeur tempat, tapi aya saratna,” ceuk Sakadang Kuya.
“Naon saratna?”
“Saratna mah gampang. Saméméh anjeun asup kana kurung, kuring kudu di alungkeun heula ka leuwi.”
“Enya, énténg atuh kitu mah.”
Heunteu talangké, Sakadang Monyét ngaluarkeun Sakadang Kuya tina kurung hayam, tuluy dibawa kasisi leuwi. Lung baé Sakadang Kuya téh dialungkeun ka leuwi. Sakadang Monyét buru-buru balik deui ka imah Bapa Tani. Sup baé ngurungan manéh ku kurung hayam. Ngadedempés ngadago-dago beurang, hayang geura buru-buru dikawinkeun ka anak Bapa Tani.
Kocapkeun isukna.
“Manéhna, ka mana bedog téh? Urang asah,” ceuk Bapa Tani ka pamajikanana.
“Rék naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?”
“Itu urang meuncit kuya di pipir.”
Paguneman Bapa Tani jeung pamajikanana téh kadéngéeun ku Sakadang Monyét. Manéhna ngagebeg. Lakadalah, geuning aing téh rék dipeuncit, lain rék dikawinkeun jeung anak Bapa Tani. Rék kabur, geus kagok. Kaburu aya anak Bapa Tani nyampeurkeun. Gancang baé atuh Sakadang Monyét téh papaéhan, ngabugigag kawas bangké.
Barang srog ka dinya, anak Bapa Tani gegeroan ka bapana.
“Bapa! Bapa!”
“Aya naon, Nyai?”
“Ieu geuning nu dina kurung téh lain kuya.”
“Naon Nyai?”
“Monyét, jeung siga nu geus paéh deuih!”
Bapa Tani nu keur ngasah bedog cengkat, tuluy nyampeurkeun ka anakna. Enya baé geuning dina kurung téh aya monyét ngabugigag, lain kuya nu kamari. Kurung dibukakeun, monyét dialak-ilik.
“Naha bet jadi monyét? Jeung paéh deuih.”
“Enya, éta mani geus jeger kitu,” ceuk pamajikanana mairan.
Monyét téh dicokot ku Bapa Tani, lung baé dialungkeun jauh pisan. Barang gubrag kana taneuh, koréjat monyét téh hudang, berebet lumpat, kalacat baé naék kana tangkal kai.

Sakadang Kuya Nyieun Suling tina Tulang Maung

Sanggeus durukan téh pareum, Sakadang Kuya kurah-koréh. Manggih tulang anu panjang, jigana mah tulang pingping tukang Sakadang Maung. Tulang téh dicokot, tuluy diberesihan. “Alus yeuh lamun dijieun suling. Ngan kumaha molongoanana?” ceuk Sakadang Kuya. Ras inget ka Sakadang Caladi. “Aéh, enya, sina ditroktrokan baé ku Sakadang Caladi.” Sakadang Kuya ngadatangan Sakadang Caladi anu keur noktrokan tangkal kalapa. “Sakadang Caladi, turun heula sakeudeung, Emang tulungan!” ceuk Sakadang Kuya. “Aya naon, Mang?” ceuk Sakadang Caladi bari nyampeurkeun. “Cing, pangnoktrokkeun tulang, keur suling!” Tulang téh ditroktorak ku caladi. “Nuhun Lo!” ceuk Sakadang Kuya. Tuluy suling téh ditiup ku Sakadang Kuya. Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi.
“Alah, teu ngeunaheun. Jigana mah kudu diliangan heula,” ceuk Sakadang Kuya. Ras manéhna inget ka Sakadang Bangbara. Sakadang Kuya néangan Sakadang Bangbara. Kapanggih keur ngalian dina tangkal anu keur ngarangrangan. “Sakadang Bangbara, ka dieu Jang, tulungan Ua sakeudeung!” ceuk Sakadang Kuya. “Tulungan naon, Wa?” ceuk Sakadang Bangbara. “Cing, pangaliangankeun suling Ua, ieu teu ngeunaheun ditiupna.” Tuluy atuh suling téh diliangan ku Sakadang Bangbara. Sanggeus nganuhunkeun ka Sakadang Bangbara, suling téh ditiup deui ku Sakadang Kuya. Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara.
“Ah, can ngeunaheun kénéh baé. Jigana mah kudu dipasieup heula,” ceuk Sakadang Kuya. Keur kitu, geleber aya Sakadang Sireupeun ngaliwat. “Tah, kabeneran aya Sakadang Sireupeun. Ka dieu heula, Jang, tulungan Aki,” ceuk Sakadang Kuya. “Aya naon, Ki? Meni rareuwas,” ceuk Sakadang Sireupeun. “Ieu Aki téh boga suling, tapi masih kénéh silung. Cing, pangmasieupkeun sakeudeung mah.” Tuluy atuh suling téh dipasieup ku Sakadang Sireupeun. Rada lila, da cenah masieup suling téh henteu gampang. Tapi teu burung anggeus ogé. “Nuhun Jang.” “Sami-sami, Ki.” Tuluy atuh suling téh ditiup deui ku Sakadang Kuya. Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot héong, torotot héong.
“Tah, ngeunah ayeuna mah sora suling téh. Nuhun ah, Jang,” ceuk Sakadang Kuya bari indit. Sajajalan Sakadang Kuya nyuling teu eureun-eureun. Sorana matak kelar. Sato-sato ogé anu biasana garandéng, jep baé jarempé, ngadédéngékeun sora suling Sakadang Kuya. Atuda lain suling samanéa.


Kamis, 19 November 2015

Tatarucingan Sunda jeung jawabana

  1. Sato naon anu pang leutikna saalam dunya? {Cacing cacingan)
  2. Ari nakol bedug aya sabaraha warna? (Ti Luarna)
  3. Minyak naon anu rame? (Minyaksikan pertandingan sepakbola)
  4. Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon? (Minumpas kejahatan)
  5. Hayam naon anu sok diteangan ku jelema? (Hayam leungit)
  6. Naon bedana onta jeung kangkung? (Onta mah di Arab, kangkung mah diurab)
  7. Tukang naon anu teu bisa ngitung? (Tukang poto)
  8. Kalong naon anu pinter maen bal? (Kalonggak beckham ya…Del Piero)
  9. Bisa naek teu bisa turun. (Haji)
  10. kalimah naon anu dibaca ti hareup jeung ti tukang sarua hartina? (Kasur ini rusak)
  11. Gajah naon anu sukuna dua? (Gajah nu keur keprok)
  12. Hurup naon anu ngeunah? (Nya T)
  13. Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna? (Sabab sieun S-na leeh kapanasan)
  14. Leutik bodas pikasieuneun. (Sireum nu napel dina huntu maung)
  15. Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah? (Setandar)
  16. Sato naon anu pangharam-haramna? (Anak bagong euweuh bapaan)
  17. Hayam naon anu sukuna 1002? (Hayam nu keur gelut jeung titinggi)
  18. Rancung lain landak, hejo lain tentara. (Kaktus)
  19. Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani. (Bebegig)
  20. Kasur naon anu matak nyeri? (Kasura)
  21. Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna? (Tinggal turunna)
  22. Pare naon anu teu ngeunah? (Parea-rea omong)
  23. Jalma meuli kasur keur naon? (Keur beunta)
  24. Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah? (Kutu)
  25. Kapas 2 kg, batu 1 kg, lamun ditinggangkeun kana suku nyeri mana? (Nyeri
  26. sukuna)
  27. Ku naon tukang baso nakolan mangkok? (Ku sendok)
  28. Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh. (Keretas)
  29. Budak dugul asup kana embel. (Cilok)
  30. Petina hiji, mayitna loba. (Korek api)
  31. Kaca naon anu nyeri? (Kacabok)
  32. Naon sababna kareta api manjuna ngarayap? (Mun nangtung mah nabrak kapal nu keur ngapung)
  33. Kaca naon anu seungit? (Kacapiring)
  34. Kaca naon anu pangbeuratna? (Kacalikan gajah)
  35. Hayam naon anu keur jengke? (Hayam nu keur sondah)
  36. Ari sakintal bisa jadi sapuluh kilo? (Bisa, lamun kiloanana ruksak)
  37. Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui? (Kari 9 da nu kempes teh ditiup deui)
  38. Dicekek beuheungna dieleketek beuteungna. (Gitar)
  39. Naon sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul? (Balas cape mikiran kumaha carana hayang miheulaan ban hareup)
  40. Naon sababna lamun anjing keur lumpat sok ngalieuk bae ka tukang? (Sabab teu make kaca spion)
  41. Kaca naon anu sok disada? (Kacapi)
  42. Cing pangmacakeun: Pa Ha 2 3 4 din (Pa Haji Samsudin)
  43. Sapi naon anu bisa ngarayap dina tembok? (Sapiderman)
  44. Hayam naon anu isuk-isuk tara kongkorongok? (Hayam paeh)
  45. Supirna opatan ari panumpangna saurang. (Pasaran)
  46. Buah naon anu tara diala? (Buah murag)
  47. Piramida di jerona aya harta karun. (Bacang)
  48. Gajah keur ulang taun. Sakumna sasatoan geus daratang, iwal tititinggi, naon sababna? . (Sabab make sapatu heula, lila (loba teuing sukuna) Leutik, bodas, panjang, teuas, lumpatna ngabelesat( Remeh napel dina kareta api nu keur maju)
  49. Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan? (Tukang maok)
  50. Ti peuting asak ti beurang atah. (Lampu bohlam)
  51. Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud. (Obat nyamuk)
  52. Sukuna hiji, panonna tilu. (Lampu setopan)
  53. Ka handap muka ka luhur nutup. (Seleting)
  54. Maju eleh, mundur meunang. (Nu keur lomba tarik tambang)
  55. Aya manuk 10 ditembak hiji, tinggal sabaraha? (Euweuh hiji-hiji acan da kaburu hiber)
  56. Sato naon anu pangleutik-leutikna sadunya? (Incuna kuman nu teu dahar saminggu)
  57. Aya anjing begang, anjing lintuh, anjing jangkung, anjing pendek,)
  58. jeung anjing edan rek nyokot tulang. Pangheulana anjing mana? (Anjing baseuh)
  59. Kapal naon anu teu bisa ngapung? (Kapal nu mesinna ruksak)
  60. Hideung, leutik, bahaya. (Sireum napel dina bom)
  61. Kumaha ngabedakeun sirah cacing jeung buntut cacing? (Eleketek heula, nu seuri eta huluna)
  62. Naha superman bajuna make hurup "S"? (Sabab mun XL mah bakal logor teuing)
  63. Hiji diala ari loba teu diala. (Huis)
  64. Buah naon anu sok diwedak? (Kesemek)
  65. Tangkal naon anu sok dipikasieun? (Tangkal sampeu nu keur dipake nyumput maung)
  66. Lamun Arjuna neangan cinta, ari Bima neangan naon? (Neangan kukuna nu sok
  67. dibabawa ku tukang jamu)
  68. Sirahna dina beuteung, ceulina dina beuteung, beuheungna dina beuteung. (Orok nu keur dikakandung ku indungna)
  69. Sapedah naon anu bisa ngapung? (Sapedah anu ditalian kana 1000 balon gas nu keur ngapung)
  70. lauk naon anu bisa hiber? (Lauk Indosiar)
  71. Kuda naon anu teu bisa lumpat? (Kuda nu dicangcang)
  72. Ari nakol bedug aya sabaraha warna? (Ti luarna)
  73. Minyak naon anu rame? (Minyaksikan pertandingan sepakbola)
  74. Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon? (Minumpas kejahatan)
  75. Hayam naon anu sok diteangan ku jelema? (Hayam leungit)
  76. Naon bedana onta jeung kangkung? (Onta mah di Arab, kangkung mah diurab)
  77. Tukang naon anu teu bisa ngitung? (Tukang poto)
  78. Kalong naon anu pinter maen bal? (Kalonggak beckham ya…Del Piero)
  79. Bisa naek teu bisa turun. (Haji)
  80. kalimah naon anu dibaca ti hareup jeung ti tukang sarua hartina? (Kasur ini rusak)
  81. Gajah naon anu sukuna dua? (Gajah nu keur keprok)
  82. Hurup naon anu ngeunah? (Nya T)
  83. Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna? (Sabab sieun S-na leeh kapanasan)
  84. Leutik bodas pikasieuneun. (Sireum nu napel dina huntu maung)
  85. Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah? (Setandar)
  86. Sato naon anu pangharam-haramna? (Anak bagong euweuh bapaan)
  87. Hayam naon anu sukuna 1002? (Hayam nu keur gelut jeung titinggi)
  88. Rancung lain landak, hejo lain tentara. (Kaktus)
  89. Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani. (Bebegig)
  90. Kasur naon anu matak nyeri? (Kasura)
  91. Palu naon anu bisa pidato? (Pa Lurah)
  92. Akar di luhur, pucuk di handap. (Janggot)
  93. Asup tarik kaluar laun. (Leho)
  94. Bisa turun teu bisa naek. (Hujan)
  95. Boga sisit lain oray, boga makuta lain raja. (Ganas)
  96. Budak dugul loba kutu. (Onde-onde)
  97. Diasupkeun hejo, dikaluarkeun beureum. (seupah)
  98. Dicabak aya dilieuk euweuh. (Ceuli)
  99. Dicukur buluan, teu dicukur dugul. (Kadongdong)
  100. Dipeuncit hirup, teu dipeuncit paeh. (Rebab)
  101. Disebut sakali hirup, disebut dua kali paeh. (Kuda)
  102. Ditakol nyendol teu ditakol nyendol. (Goong)
  103. Diudag lumpat didagoan cicing. (Kalangkang)
  104. Gunung bitu, bandera kekelebetan. (Nu keur ngakeul sangu)
  105. Hiber lain ku jangjang, balik lain ku suku. (Langlayangan)
  106. Indungna cicing anakna ancul-anculan. (Lisung jeung halu)
  107. Nangkub dieusi nangkarak kosong. (Kopeah)
  108. Oray hejo panonna loba. (Peuteuy)
  109. Samak saheulay, lampuna mangrebu-rebu. (Langit)
  110. Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara.  (Toge)
  111. Hayam naon anu sukuna sarebu?  (Hayam keur pawey)
  112. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon? (Korong)
  113. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan? (Sabab banna buleud)
  114. Sato naon anu teu bisaeun mundur? (Sato nu nukangan tembok)
  115. Bangku naon anu bisa didahar? (Bangkuang)
  116. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar,sakali nyebut! (Rujak)
  117. Batu naon anu teu aya di cai? (Batu garing)
  118. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor? (Oray nu ngalegleg linggis)
  119. Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat? (Aki-aki make iteuk jeung kacamata)
  120. Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet. (Cau)
  121. Hayam naon anu sukuna hiji? (Hayam nu keur jengke)
  122. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik. (Kareta api)
  123. Gajah tumpak beca, gede naonna? (Gede bohongna)
  124. Baso dibalikkeun jadi naon? (Bahe)
  125. Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan. (Sireum make helm)
  126. Nini-nini bongkok kumaha sarena? (Peureum)
  127. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan? (Piring bolong)
  128. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku? (Manuk anu katincak)
  129. Naon sababna ban mobil tina karet? (Mun tina coklat pasti digembrong)
  130. Sapi naon anu bau? (Sapiteng)
  131. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia ? (Piringatan 17 Agustus)
  132.  Naon bedana sarimie jeung nini-nini? (Sarimie renyah, nini-nini renyoh)
  133. Pribumi di luar ari semah di jero. ( Tukang beca jeung panumpang)
  134. Dicabak beye, ditakol ngabelentrang.  (Tai kotok napel dina tihang listrik)
  135. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun. (Kacamata)
  136. Di luar hujan angina, di WC hujan naon? (Hujan-heujeun)
  137. Hayamna bodas, naonna anu hideung? (Kalangkangna)
  138. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki? Buahenol
  139. Jam naon anu bisa nembang? (Jamrud)